1 Tesalonika 4
Saterusna dulur-dulur, aranjeun geus diajar kumaha kuduna hirup anu sapuk jeung pangersa Allah, sarta ku aranjeun geus dilakonan. Parandene kitu kalayan asmana Gusti sim kuring menta supaya sing leuwih gumati ngalakonanana.
Pituduh-pituduhna aranjeun geus terang, geus dibere ku sim kuring ku kakawasaanana Gusti Yesus.
Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.
Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,
ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah.
Tumali jeung hirup suci tea, kade ulah aya anu salah pameta ka sasama sakapercayaan atawa ngarah kauntunganana. Ngeunaan ieu hal aranjeun geus diomongan, jeung geus diomat-omatan pisan yen sakur anu milampah kitu teh bakal nandang panyiksa ti Gusti.
Urang disaur ku Allah teh lain malar hirup cabul, tapi supaya hirup urang kamanah Mantenna.
Jadi sing saha anu nolak ieu papatah, lain nolak ka manusa, tapi nolak ka Allah anu geus maparinkeun Roh-Na anu suci ka aranjeun.
Ari hal silih pikanyaah jeung batur sakapercayaan mah ku sim kuring teu perlu diwincik deui, da geus tarerang sorangan tina piwulang Allah kumaha kuduna,
malah ku aranjeun geus dilarapkeun ka dulur-dulur di Makedoni. Ngan pamenta sim kuring sing leuwih ti kitu.
Usahakeun hirup ayem, jeung ulah campur kana urusan batur, kudu digarawe neangan napkah sorangan sakumaha ceuk sim kuring bareto,
supaya hirup henteu gumantung kana pitulung batur, jeung supaya diajenan ku anu henteu palercaya ka Kristus.
Dulur-dulur, sim kuring hayang nerangkeun kumaha saenyana kaayaan jalma ari geus paeh. Aranjeun teu kudu sedih ku hal eta, saperti jelema-jelema sejen anu teu boga pangharepan.
Urang percaya yen Yesus geus gugah tina pupus-Na. Ku sabab eta kudu percaya yen sakur anu maotna percaya ka Yesus, tangtu ku Allah bakal dihirupkeun deui sangkan babarengan deui jeung Anjeunna.
Sim kuring ngabejaan, kieu piwulang Gusti tina hal eta: Sakur anu hirup keneh dina wanci Gusti sumping, moal diheulakeun ti nu geus maraot ti heula.
Engke bakal aya sora tarik aba-aba ti malaikat utama, jeung sora tarompet Allah, geus kitu Gusti ku anjeun bakal lumungsur ti sawarga. Anu bakal dihirupkeun ti heula teh anu maraotna percaya ka Kristus.
Ari anu harita harirup keneh bakal dikumpulkeun jeung eta, dibawa bareng kana mega ngadeuheus ka Gusti di awang-awang, saterusna hirup reureujeungan jeung Gusti.
Tah ieu pangajaran teh gunakeun pikeun silih hatean jeung batur.